Selasa, 01 Juni 2021

UPAYA NINGKATKEUN TARAP HIRUP

 UPAYA NINGKATKEUN TARAP HIRUP


Aya 5 lengkah anu strategis geusan ningkatkeun kasejahteraan hirup sakaligus rumawat jeung miara sarta ngajaga kaimanan jeung kataqwaan :


1. Lobakeun mawas diri, introspeksi, atawa muhasabah, tibatan sibuk ngorehan kasalahan batur anu can tangtu leuwih goreng tibatan urang atawa sabalikkna.


2. Optimalkeun aktivitas anu mawa kamaslahatan, minimalkeun anu matak mawa kamadlaratan, leuwih produktif dina perkara anu positif.


3. Lobakeun inget kana paeh, dawuh Nabi, " jalma nu pangcerdasna teh nyaeta jalma anu panglobana inget kana maot ", sakumaha pidawuh Allaah ta'ala, " perhatikeun ku maraneh naon nu geus dilakukeun keur bawaeun mulang ka akherat isuk." ( Qs,59 : 18 ). Sabab ti poe ka poe teh umur urang nambahan tapi jatah hirupna beuki ngurangan.


4. Tingkatkeun hablum minallaah jeung hablum minannaas, eta ngarupakeun paket hirup anu teu bisa dipisahkeun.


5. Urang sing gede hate yen hirup teh aya nu ngatur, Allaah SWT ngadawuh, " jeung moal aya makhluk hirup anu kumelendang di jagat raya anu teu direjekian ku Allaah." ( Qs, 11 : 6 ), ngan tangtu bae bagjana mah bakal walatra jatahna moal sarua, sakumaha pidawuhna, " perhatikeun kumaha Kami ngaleuwihkeun sabagean maranehna ti nu sejenna, jeung satemenna ari kahirupan di akherat eta leuwih luhur darajatna turta leuwih gede kautamaannana." ( Qs, 17 : 21 ).


Tapi nyakitu, aya kalana rejeki anu geus diawuhkeun ku Allaah teh ku urang kalah ka di antep dimubadzirkeun, batur pakepuk aktif, urang kalah ka molohok mata simeuteun.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar